.p

CARITA URANG SUNDA

Posted by Unknown



 Diheulang Kalangkang Bulan







Wah wah......... akhirnya kesampean uga ne mimpi ane tuk bkin blog dengan postingan berbagai bahasa yang ane ngerti 'ngerti tapi gak paham' walaupun baru secarik postingan.

gkgkgkgkg..............................


. SELAMAT MENYIMAK JA DAH GAN NE ORANG SUNDA PUNYA CERITA      


Tret tret tret....... pengumuman-pengumuman!!!!!
Ki Dalang mo cerite.......
Pasang mata
Pasang telinga
Pasang helm*apa hubungannya????*



Hareupeun panto kamar nomer 19 ngajanteng sakedap. Ter, karasa awak ngageter. He’ab amarah minuhan satungkebing rasa. Tanaga ngadadak asa rosa, namper kana peureup, kana dampal suku. Geus teu bisa dikadalikeun. Teu antaparah deui, jebrod! Panto ditajong satakerna. Blak, muka. Bre’h, nukeur sholat berjamaah, kakara awe’hsalam. Duanana curinghak bari ngan sakilat cararengkat.
“Astagfirulloh.!” Kadenge sora nu geus teu bireukdeui dina dua cepil. Sora nu mangtaun-taun teu wele’h marengan dina mangsa nyorang bagja jeung tunggara. Sora nu sasarina ningtrimkeun ati. Sora nu teu wele’h dipikasono saban mangsa. Sora nu kiwari karasana ber ngadadak be’da.
Saminggu katukan kade’nge’ ku ceuli sorangan, sora mane’hna nu tandes dibarung rupaning kaane’han dina dirina. “Ibu bade’ tobat, Kang. Tingawitan ayeuna ibu bade’ langkung nyaketkeun diri ka Nu Maha Kawasa. Tos cekap urang milampah dosa nu kacida seueurna. Ibu ngarasa hina pisan di payuneun Nu Maha Kawasa.” Kitu pokna bari neuteup ka jauhna.
Re’k tobat? Hade’ pisan. Bungah ngade’nge’na oge. Me’mang kiwari geus wancina pikeun leuwih ngaraketkeun diri ka Nu Maha Suci. Sebab, beuki atra saban mangsa te’h geuning teu wele’h dikukuntit pati. Bisa bae ayeuna, isuk, atawa pageto, pati mapagkeun diri. Muga bae’ mane’hna kahudang kasadaranna ku lalakon anu karandapan Ustad Jepri upamana. Sebab tina pupusna Sang Ustad, beuki nuduh ahlak Ustad Jepri, anu teu wele’h nyambung mapae’san kahirupan. Ngaran Sang Ustad te’h apan tetep panjang umur, sanajan kiwari geus pungkas umur.
Kilang kitu ari kapanasaran mah teu wele’h aya. Ber hayang nyaho, kajadian nain nu ngalantarankeun mane’hna ujug-ujug boga itikad nu kalintang mulya. Atawa, saha jalmana nu geus sanggup ngageuing kereteg atina. Puguh bae’ penting kacida. Lantaran, mane’hna geus jadi pamajikan.
Kajurung ku panasaran te’a, le’ngkah kahiji te’h mariksa facebookna. Sabab, kadieunakeun mane’hna mindeng anteng hareupeun layar monitor bari mukaan jejaring sosial facebook. Tapi banget ngaranjug ku lantaran paswordna salah. Dicobaan deui, bisi salah ngetik. Angger teu bisa asup. Nepi ka sapuluh kalina dicobaan, angger ke’ne’h teu bisa. Jadi, kacindekanna mah pasti paswordna diganti.
“Bade’ naon mukaan facebook nu sane’s? Akang mah mani teu ngahargaan pisan kana privasi te’h te’h.” Kitu pokna, basa ditale’k ngeunaan pasword facebook.
 “Jadi, memang dirobah ku Ibu?”
“Muhun. Tos, ulah hoyong terang kana urusan nu sane’s. Ti ngawitan ayeuna mah akang mending ke’ne’h langkung husu ngurus diri akang nyalira.” Pokna.
He’ab,  amarah minuhan dada, nae’k kana embun-embunan. Tapi di tahan. Sebab geus apal kana perwatekna. Diajak pase’a mah moal pibenereun.
“Ibu teh lain batur. Lain jalmi sane’s! Ibu te’h pan bojo akang. Naha teu gugur teu angin ujug-ujug dirobah paswordna?” mimiti rame’ usum facebook. Harita mane’hna me’nta dipangnyieunkeun, ku lantaran rada gapte’k. Penting cenah. Keur ngarojong usaha. Jeung dina ayeuna deuih, facebook pamajikan dipake bisnis. Sukur dagangan pamajikan dipromosikeun ngaliwatan facebook. Pake’an, ase’soris, jeng keperluan nu patali jeung cuntal-centil ibu-ibu, didagangkeun ngaliwatan facebook.
Mangtaun-taun, taya psualan nanaon. Sumanget pamajikan dina ngajalankeun bisnis te’h tangtu bae’ dirojong pisan. Lain bae’ facebook, kaasup blog gratis jeung website anu berbayar oge’ dipangnyieunkeun, demi ngarojong pamajikan, kari-kari ayeuna ujug-ujug dirobah paswordna. Aya naon ieu sabenerna? Ti saha diajar ngarobah pasword?
Diilikan kronologi dina facebookna. Basa poe’nan milangkala, re’a pisan babaturanana nu ngawilujengkeun ku rupaning kecap nu reumbeuy pasieup. Pangpangna lalaki. Malah aya diantarana anu dire’spon kaleuleuwihi ku mane’hna. Asa peurih maca kome’ntarna oge’, muji-muji lalaki se’je’n nu saukur ngawilujeng keun milangkala. Asa kakara harita mane’hna muji lalaki se’je’n dina facebook, bari bisa kabaca ku balare’a. Salila ieu , tara aya nu dianggap leuwih istimewa batan salaki. Tacan kungsi kacaturkeun kataji ku lalaki se’je’n. Malah lamun sakali mangsa aya nu ngaheureuyan, pamajikan sok langsung malik ijid. Lamun aya kawawuhan anyar, boh wanoja komo lalaki, psti dicaritakeun. Tara aya nu didinding kelir sindang siloka. Saumur hirup babarengan, kecap “privasi” kakara harita kedal tina biwirna.
“Bu, nuju dimana?” sakali mangsa ngasms manehna. Pangpangna mah wanci sareureuh kolot tacan ke’ne’h mulang.
“tiap jalmi gaduh urusan. Naha meni sagala hoyong uninga? Teu sagala rupi hal akang kedah uninga kana sagala rupi kegiatan ibu. Ayeuna mah mending urus diri akang nyalira. Urang salami ieu tos seueur teuing milampah dosa. Tos waktosna urang tobat,”tembalna. He’ab deuiamarah amuk-amukan jeroning dada. Aya naon ieu te’h sabenerna? Naha bet siga kieu anu ngaran tobat te’h, ngundangkeun kasole’han dirina bari teu miduli kana jeroning rasa ka jalma nu salila ieu satia marenganana. Ngalobaan kagiatan, tug nepi ka kolu mindeng ninggalkeun anak jeung salaki. Ane’h. Asa teu wajar parobahan pamajikan te’h?”
Panutan. Sebbutan husus keur mane’hna. Lantaran rupaning kahade’anna nu hamo bisa kaukur. Lantaran kasatiaanna mangtaun-taun anu teu kudu dihamhamkeun deui. Lantaran perjoangnna dina ngabantuan salaku. Dug hulu pet nyawa hirup, bari tacan kungsi kacaturkeun ngarasula. Ukur hiji pame’ntana anu mindeng dihare’woskeun mangsa ngumbar kacinta. “Akang mugia Akang satia salamina. Ibu deudeuh pisan ka Akang.” Kitu cena. Salain ti kecap e’ta, asa taya pame’nta se’je’n.

SAMPURASUN BARAYA

0 komentar:

Posting Komentar